Monday, December 7, 2009

PANYAWANGAN

PANYAWANGAN

Sajeungkal lain sakilo
Sadeupa jauh teuing
Sakiceup teu bisa dipopohokeun
Ti kulon arah ka wetan

Ngalirna ka sagara nu leeh
Pasir resik paniisan
Salengkah saacan Gunung Putri
Susukan ngalir kana urugan

Parahyangan teu jadi parawan
Ngadeuheusan taya nu suci
Mipir-mipir kadangiyangan taya nu sugih
Hung ahung panyawangan tinggal waasna

Kursi Seukeut Paningal, 2004

yoppy yohana "Ki Ibun"

No comments:

Post a Comment